Kamis, 11 Desember 2014

Biantara Kapala Sakola Dina Paturay Tineung Siswa Smp


Biantara Kapala Sakola Dina Paturay Tineung Siswa Smp

Assalammu’alaikum wr.wb
Sugrining puji sinareng syukur ka Rabb Anu Maha Suci,  Allah anu maha ghofur, Alhamdulillah ku rahmat tur Inayahna urang sadayana tiasa kempel dina acara paturay tineung kelas tilu SMP Negeri 1 Cisaga, Kabupaten Ciamis. Sholawat sinareng salam mugia salawasana didugikeun ka apanutan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargina, para  sahabatna, tug dugi ka urang sadayana salaku umatna, anu mudah-mudahan tiasa nurut tumut ka anjeunna dugi ka ahir jaman, amiiin ya Allah ya Rabbal Alamin.
Bapa kalih Ibu guru miwah réngréngan staf SMP Negeri 1 Cisaga anu dipihormat,
Para sepuh atanapi wali siswa anu dipihormat.
Para tamu uleman miwah kasepuhan anu dipihormat.
Para siswa sakumna, anu dipikacinta.
Teu karaos nyérélékna waktos téh, tug dugi ka ahirna cunduk kana waktosna para siswa kelas genep bakal miang makalangan tur tandang nyorang léngkah nu baris datang. Asa nembé kamari para sepuh sumping ka sakola, nungtun murangkalihna kanggo daptar lebet ka SMP Negeri 1 Cisaga anu dipikacinta ieu. Ayeuna parantos ngaréngsékeun nyuprih élmu nyiar pangabisa, geusan bekel nyorang kahirupan. Tangtos baé lumangsungna kagiatan atikan di ieu sakola téh mangrupi hasil tina rampak gawé rancagé antawis urang sadayana; antawis guru sareng guru, guru sareng sepuh atanapi wali siswa, guru sareng siswa, tur para siswa sareng siswa. Ku kituna, langkung tipayun, simkuring seja ngahaturkeun rébu nuhun kana pangrojong ti sadayana. Mugia naon rupi anu parantos disorang ku urang sadayana téh sing jadi ibadah anu tangtosna diridoan ku Alloh SWT, amiin.
Bapa sareng ibu anu dipihormat, dina waktos ieu simkuring neda widi kanggo sasanggem anu utamina ditujukeun ka murangkalih siswa-siswi kelas genep, anu baris miang ngantunkeun SMP Negeri 1 Cisaga.
Anaking sakumna siswa anu dipikacinta tur dipikareueus, salila tilu taun hidep babarengan jeung ibu wah bapa guru dina kagiatan transper élmu atawa népakeun atikan. Geus nganteng tali kanyaah ti sakumna guru ka hidep saréréa. Guru mangrupa kolot hidep di sakola, anu dipaparin amanat pikeun ngaping, ngatik, dibarung rasa kaihlasan. Anapon hasilna, puguh baé henteu sarua. Aya nu hasilna hadé, aya nu meujeuhna, tur aya ogé nu kurang hadé. Éta mah geus jadi kailaharan dina saban kompetisi. Apan diajar ogé taya bédana jeung kompetisi, patanginas-tanginas, pagiat-giat, papinter-pinter, pabageur-bageur. Anu getol diajar tur tara ngarempak aturan sakola, tangtu hasilna bakal nyugemakeun. Sabalikna, anu rada léléwodé jeung mindeng ngarumpak aturan sakola mah tinangtu hasilna ogé moal pati nyugemakeun. Ku kituna, anu geus nyangking préstasi hadé, muga sing bisa ngundakeun deui préstasina. Pon kitu deui anu tacan pati nyugemakeun, muga ka hareupna hidep sing getol diajar, nurut kana piwuruk sepuh, tur tumut kana wejangan guru ngaji jeung guru di sakola. Cindekna muga hidep sing leuwih soléh, leuwih pinter.  Hidep sing bisa jadi kareueus almamater, nyaah ka adi kelas,  anu antukna jadi tuladeun pikeun adi-adi.
Anaking sakumna siswa anu dipicinta, ladang tina diajar genep taun di ieu sakola téh mangrupa bekel keur hidep pikeun nyorang léngkah mapag mangsa nu baris datang. Tangtuna ogé pikeun nyorang atikan ka sakola anu leuwih luhur, boh ka SMA atawa SMK, anu kadituna, hidep ulah pugag ngalap élmu sing nepi ka tingkat anu leuwih luhur. Papadaning kitu, bisi aya di antara hidep anu teu bisa neruskeun sakola ku sawatara alesan, poma ulah leutik haté. Sabab nyiar élmu mah henteu kudu di sakola formal baé. Anu penting mah hidep kudu getol maca, nyiar luang jeung pangalaman ka saluhreun. Réa tokoh anu bisa suksés kalayan henteu nyuprih sakola formal, tapi giat diajar tur rajin maca. Komo deui dina jaman ayeuna, pangaweruh téh ngabarak di dunya internét, kari daékna maca nu mangpaat. Papadaning kitu, lamun bisa mah muga baé hidep saréréa dikersakeun bisa neruskeun sakola, lantaran saumur hidep mah kawajibanna ogé nungtut élmu pangaweruh. Anu penting, mun bisa mah, ulah nepi ka kaluar ti SD téh kalah gurung-gusuh nuluykeun ka KUA, sanajan éta ogé teu salah ari geus siap lahir-batin mah.
Peupeujeuh dimana baé hidep ngancik, sakola sakumaha luhurna atawa meunang pagawéan sakumaha senangna, ibu jeung bapa teu weléh mihapé ulah nepi ka lali ka temah wadi. Hidep sing jadi generasi ngora anu cageur, bageur, pinter, singer. Ulah sakali-kali ngamomorékeun pangorbanan sepuh anu sakitu hésé capé ngabiayaan hidep, sangkan hidep jadi pinter tur soléh. Sing leuwih soson-soson diajar tur salawasna dibarengan ku ngadu’a. Insyaallah ku cara kitu, sagala paniatan urang pasti dipaparin kalancaran ku Allah Swt.
Anaking anu dipikahéman, dina mangsana ayeuna urang kudu paturay, lain hartina bakal paturay salaawasna tur megatkeun tali silaturahmi. Moal aya basana “mantan guru” komo “urut guru”, pon kitu deui sabalikna, moal aya istilah “urut murid”. Kacinta tur kanyaah ibu sareng bapa guru salawasna insyaAlloh manteng marengan léngkah-léngkah hidep. Upama isuk jaganing géto hidep aya lolongkrang, kalintang hadéna upama hidep nganjang ka dieu, komo deui mun hidep bisa népakeun élmu ka adi-adi hidep, ladang hidep nyuprih élmu nu leuwih linuhung.
Salila tilu taun babarengan, bisi hidep ngarasa boga kasalahan ka ibu jeung bapa guru, tangtu wé binarung rasa nu lénglang ibu jeung bapa guru ngahampura hidep. Pon kitu deui, bisi aya kasalahan ibu jeung bapa guru, muga hidep ogé ngahampura. Hayu urang silih lubarkeun, da ari manusa mah moal leupas tina kasalahan. Mugia baé balungbang timur, caang bulan 14, jalan gedé sasapuan.
Bral, miang, tandang makalangan kalayan teu perlu ringrang ngayonan jaman nu beuki garang!
Sakitu baé nu kapihatur, urang pungkas ku du’a Robbana atina pidunya hasanah wafil akhiroti hasanah waqina adza bannar…amiin yaa robbal ‘alamiin
Wassalammualaikum wr.wb

0 Responses to “Biantara Kapala Sakola Dina Paturay Tineung Siswa Smp”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs