Kamis, 20 Februari 2014

Contoh Carpon Sunda Singkat


Contoh Carpon Sunda Singkat
SASAKALA SITU BAGENDIT


Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

---------------------------------------------------
Gagak Jadi Hideung

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
---------------------------------------------------
 
SIREUM JEUNG GAJAH

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah.Keur ramé ngarak, jol datang gajah.Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna sireum anu paéh téh.
Barang raja sireum ningal baladna réa nu paéh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Éh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.Ulah adigung asa aing.Engké di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”
Walon gajah bari seuri, “Rék ngajago Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, hég ku kami didagoan! Di mana hayang perang téh?”
“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!”
gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangké deui, tuluy baé nabeuh tangara, ngumpulkeun kabéh baladna. Teu sabaraha lila, balad sireum téh geus nakleuk di tegalan.
Ceuk Raja sireum, “Éh balad kami kabéh! Di Jumaah Kaliwon kaula rék perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab éta, kaula ménta ka aranjeun sakabéh ulah sisingeun, kudu pada digarawé. Saréréa kudu nyieun lombang sing gedé pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun piruang téh.Prak geura digarawé ti ayeuna.Tapi kadé jukutna mah ulah ruksak, kudu angger baé kawas ayeuna.Dikorowot ti jero baé, taneuhna engké sésakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.”
Balad sireum saur manuk, kabéh pada jangji rék pada suhud digarawé, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poé.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poé piruang téh geus bérés. Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poé Jumaah Kaliwon téa, subuh kénéh Raja Sireum geus ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngétan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaéta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyét.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wétan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja Sireum.
Jauh kénéh ogé Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poé tujuh peuting, geus sadia bakal maéhan sampéan.Lamun enya sampéan sakti, gancang geura rontok kami!”
Barang gajah ngadéngé panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk baé narajang.Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus mantén kana piruang, sukuna tipitek. Sakadang Gajah adug-adugan méakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weléh teu bisa. Tungtungna béak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya.
Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, “pék ayeuna geura hanca ku aranjeun éta sato telenges téh!”
Balad sireum nu réana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang Gajah.Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan ménta ampun.Manéhna taluk tarima éléh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum.
Ti dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum ogé ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, éléh ku cinggir anu jadi perlambang sireum

Pedaran
Unsur-unsur dongéng:
1)    Téma = jejer utama atawa inti persoalan carita
2)    Palaku = nu ngalalakon/inti persoalan carita (B. Ina. Pelaku)
3)    Galur = runtuyan carita/kajadian (B. Ina. Alur)
4)    Latar = tempat jeung waktu lumangsungna carita
4 Golongan Dongéng:
1)    Parabel = nyaritakeun kahirupan jalma di masarakat atawa dina sajarahna. Conto: Prabu Siliwangi, Kéan Santang, Si Kabayan
2)    Fabel = nyaritakeun kahirupan sasatoan. Conto: Kuya jeung Monyét, Peucang keuna ku Leugeut, Gagak jeung Anjing
3)    Légénda (sasakala) = nyaritakeun asal-usul kajafian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Conto: Sasakala Arcadomas, Sasakala Gunung Tangkuban Tampomas, Mula Nagara Baduy, Sasakala Maung Sancang, Sasakala Paré.
4)    Mite = nyaritakeun mahluk gaib, siluman atawa jurig. Conto: Kuntilanak, Munjung, Dirawu Kélong
---------------------------------------------------
 
SI KABAYAN NGALAMUN

Mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…

Sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa  kaimah de tembongkeun ka pamajikanana.

“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.

“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.

“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.

si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….

“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”

keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.

“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”

si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.

“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.

pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.

mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.

“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik kapamajikanana.

mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.

“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”

bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.

“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.

ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa….
---------------------------------------------------

Si Kabayan Meuleum Lauk

Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.

“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.
---------------------------------------------------

NYI RORO KIDUL

Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti praméswari kagungan putra istri, jenenganana Déwi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria, malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé, lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.

Déwi Srangéngé kacida pisan dienodna, dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weléh neneda, neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget. Nanging anu diantos-antos téh, ti praméswari Raja teu kagungan putra deui.
Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanés ti praméswari, nanging ti selir, anu jenenganana Déwi Mutiara. Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Déwi Srangéngé, ka putra ti Déwi Mutiara ogé, kalangkung-langkung nyaahna.
Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget téa, nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir, linggihna angger baé di gédéngeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos praméswari. Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul baé rasa ceuceub ka praméswari, dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.
Malah aya leuwihna ti kitu, manéhna boga kahayang, sangkan anakna jadi raja. Lamun seug anakna jadi raja téh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.

Déwi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?
Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awéwé tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadéngé éta béja, Déwi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.

Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Déwi Mutiara nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut praméswari. “Kumaha sanggup?” cék Déwi Mutiara. “Tai ceuli atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipaéhan,” cenah deuih. “Ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin.
Maksud manéh Déwi Mutiara téh, praméswari jeung Déwi Srangéngé, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir,atawa disingkurkeun ka leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.
---------------------------------------------------

SI KABAYAN NGALA TUTUT
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”


0 Responses to “Contoh Carpon Sunda Singkat”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs