Sabtu, 11 Januari 2014

Contoh Makalah Tarekah Miara Budaya Sunda

Contoh Makalah Tarekah Miara Budaya Sunda
 Tarekah Miara Budaya Sunda

PANGANTEUR

        Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Allah SWT, barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah.
        Panyajian dina ieu makalah teh nyaeta ngeunaan Panumbu Catur sareng Mikawanoh Dongeng. Saleresna makalah ieu pasti wae aya kakirangan anu teu disadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun ieu makalah pikahareupeun. Oge simkuring saparankanca ngaharepkeun ieu makalah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pangawanoh para siswa. 

PANGEUSI

Panganteur
Pangeusi
BAB I    BUBUKA
A.    Kasang Tukang
B.    Rumusan Masalah
C.    Tujuan
BAB II    EUSI
A.    Budaya Sunda
B.    Sajarah
C.    Tarekah Miara Budaya Sunda
BAB III    PANUTUP
A.    Kacindekan

BAB I
BUBUKA

A.    Kasang Tukang
Basa Sunda nyaéta basa cabang Melayu-polinesia dina rungkun basa Austronesia. Teu dipikanyaho iraha basa ieu lahir, tapi aya bukti ditulis anu mangrupa katerangan pangkolotna, nyaéta prasasti abad ke-14 anu kapanggih di Kawali, Ciamis. Ditulis dina batu alam jeung aksara sarta basa Sunda (kuna). Kira-kira, prasasti kawas ieu aya sawatara buah sarta dijieun sawaktu pamaréntahan Prabu Niskala Wastu kancana(1397-1475).Nurutkeun statistik Indonésia (2010), ti 38.965.440 nu nyicingan Jawa Kulon, ngan kira-kira 25 juta jelema ngagunakeun basa Sunda dinakasapoéjeput. Meureun sawaréh urang teu mikawanoh teuing basa ieu, tapi lamun urang telusuri saterusna, basa Sundangabogaan sawatara fakta anu unik,nyaéta:
Dina raraga ngadeukeutkeun rasa, rumasa ka budaya sunda sareng ningali tina peraturan daerah Jawa Barat no…ngayaan budaya sunda, abdi saparakanca bade medarken lalakon anu aya kakaitannana jeung budaya sunda.
Kumargi kitu peranan kaum muda peryogi pentingna, kusabab saha deui anu bade mumule budaya urang lamun lain urang sorangan. Mungkin tos cunduk kana waktu ninggng kana mangsana, yen budaya sunda kedah mencrang deui sapertos pada tahun 1980an, anu ngrnaan jeung tari jaipong tea.

B.    Rumusan Masalah
1.    Naon budaya sunda?
2.    Kumaha sajarah budaya sunda?
3.    Naon bae ageman anu aya di tatar sunda ?

C.    Tujuan
1.    Ngenalkeun leuwih deukeut budaya sunda ka urang sunda
2.    Ngenalkeun leuwih deukeut budaya sunda ka Salain  urang sunda
3.    Ngajadikeun  budaya sunda sebagai kabanggaan bangsa
4.    Nambah elmu ngenaan budaya nu tos aya jeung nu bade di ayakeun.


BAB II
EUSI

A.    Budaya Sunda
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekarannana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
Dumasar hasil panalungtikan, Basa Sunda di Jawa Kulon ayeuna geus mimitian leungit, komo dinasaban bulanana aya genep basa sunda leungit. Hal kasebut dikedal keun H. Dadang Mishal, Pupuhu Paguyuban Sangsaka Buana Bogor ka Bogorplus.com, saréngsé bubuka acara festival budaya di Balai kota, Dayeuh Bogor, Saptu (26/2).Ceuk manéhna, kalayan moméntuma cara ieu, masarakat di ingetan balik pikeun mikawanoh sarta ngagunakeun basa sunda dina kahirupan sapopoé.“Cacak di campur jeung basa Indonésia, basa sunda kudu tetep dipakésaban poé,” cenahna.
Dadang nambahan, Basa Sunda mangrupa basa indung anu kudu bener-bener dipaké.Sajaba basa sunda, suku sunda ogé ngabogaan pakakas musik. “Pakakas musik has Sunda ayeuna geus kaelehkueun ku pakakas musik tiluar nagari, salahsahijina alatan kemasan. Tapi, geus écés luyu jeung Pancasila urang kudu ngalestarikeuna,”cenah.Sajaba basa sarta pakakas musik, budaya séjénna kawas tarian ogé kudu tetep dilestarikeun.Pikeun ngamumule tilu hal kasebut, perlu dilarapkeun kabarudak tingkatan SD, SMP sarta SMA.
Ku kituna, minangka wangun ngamumule budaya sunda kasebut, rencanana dina warsih Dayeuh Bogor warsih ieu, baris dilaksana keun Pagelaran seni sunda.  “Konsépna lain aréna tapi panggung, baris diayakeun ogé gabungan antara musik modern sarta tradisional, guna pikeun nginget keun balik ka masarakat Dayeuh Bogor ngeunaan basa sunda anu geus dipohokeun,”  écésna.Samentara éta, nurut keun Safari Budiman Sekertaris Panitia Acara MiEling Poe Basa Indung Sadunyan gomong, saprak warsih 1997, basa ibu geus diingetan ku UNESCO. Tapi, kakara laksana dina warsih ieu. Ceuk manéhna, basa état éh jatidiri sarta identitas.Ngeunaan waleran pamaréntah kaacara ieu, pihakna ngaku euweuh perhatian, utamanati Dines Pariwisata sarta Dines Atikan.
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna". nu hartina, "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Saparantos maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan,Sihoréng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanés kedah mibanda rasa katineung kana budayana.Ulah nepikeun kajati kasilih kujunti – mupusti budaya asing bari teu maliré budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean kukuda beureum, ngarasa reueus kubanda meunang nginjeum.Sanes hartos nanonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asalangkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan.
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.

B.    Sajarah
Budaya Sunda, dikenal sebagai budaya yang menjunjung tinggi sopan santun. Pada umumnya budaya Sunda memiliki karakter ramah, mudah senyum, sopan, lembut dan sangat hormat kepada orang tua. Didalam budaya Sunda, mereka diajarkan bagaimana berbicara lembut terhadap orang yang lebih tua.
Kebudayaan Sunda merupakan salah satu budaya tertua yang ada di nusantara, Sistem kepercayaan spiritual tradisional Sunda adalah Sunda Wiwitan yang mengajarkan keselarasan hidup dengan alam.  Terdapat beberapa ajaran budaya Sunda tentang jalan menuju keutamaan hidup. Etos dan watak Sunda itu adalah cageur, bageur, singer dan pinter, yang dapat diartikan "sembuh" (waras), baik, sehat (kuat), dan cerdas.
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".
nu hartina, "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.
Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam dunya ieu. Kahyangan téh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan dunya.
Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.
Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.
Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.
Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.
Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.
Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).
Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A. Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.
Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..
Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.
Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.

C.    Tarekah Miara Budaya Sunda

Teu saeutik anu rumahuh, humandeuar, jeung rupa-rupa ekpresi sejenna anu ngebreheun kateupanuju kana kaayaan basa Sunda kiwari. Wajar mun kitu tea mah, dan memang kondisi mangsa kiwari anu geus robah. Ti baheula oge upama nengetan
literatur nu aya, rea tulisan anu medar perkara kaayaan basa Sunda anu pikasalempangeun. Nyirorotna ajen basa Sunda katut raga katineung (perhatian) masarakatna teh lain taya sabab. Perkara anu mangaruhanana kacida reana, ti mimiti lingkungan campur gaul masarakat anu leuwih gede nepi ka lingkungan kulawarga, pangaruh ti papada jalma, nepi ka pangaruh lianna anu bau-bau teknologi maju, saperti radio, televisi, internét, jeung media elektronik sejenna. Eta pangaruh leuwih loba anu jadi bangbaluhna tinimbang ngarojongna kana mekarna kana basa katut budaya Sunda.
Malah mangaruhanana ge lain kana basana wungkul, dalah nepi ka watek atawatabiat, katut pola hirup masarakat Sundana sorangan. Teu wudu éta hal téh kasorang ku unggal masarakat Sunda lantaran dominasi arus informasi anu beuki rongkah, beuki maju, jeung beuki canggih.
Tumerapna ka barudak di sakola, eta pangaruh kacida gedena. Barudak kurang daria
dina narima pangajaran basa Sunda. Padahal pangajaran basa daerah (Sunda) di Jawa
Barat mangrupa pangajaran anu kacida pentingna. Ngaliwatan pangajaran basa jeung
sastra Sunda, dipiharep budaya Sunda kalawan gembleng nerap na jati dirina masing-
masing.Nilik kana kaayaan saperti kitu, naha aya anu malire? Saha anu tanggung jawab?
Jeung kumaha cara narekahanana? Pertanyaan kliseu model kitu mindeng kadenge
dina unggal pasamoan nu medar perkara kasundaan. Tangtu wae aya anggota masarakat anu ukur cukup ngoméntaran wungkul, bari taya tar ékah pikeun ngaréngsékeun masalahna . Tapi oge aya anu malire bari jeung dibarengan ku hojahn
a. Di sagedengeun pamarentah, geus rea tarekah dilaksanakeun ku masarakat Sunda nu udaganana pikeun ngahirup-huripkeun budaya Sunda, boh kana basa boh kana
sastrana. Eta tarekah aya nu dilaksanakeun sacara pribadi oge aya nu dilaksanakeun
ngaliwatan rupa-rupa organisasi kasundaan.
Dimimitian ku ngaliwatan kajian akademik, pamarentah geus ngahasilkeun Perda Propinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003 ngeunaan miara basa, sastra, katut aksara daerah; No. 6 Taun 2003 ngeunaan miara kesenian, jeung No. 7 ngeunaan ka purbakalaan, kasajarahan, jeung nilai-nilai tradisional katut museum.
Eta Perda dipiharep teu semet dipake pikeun nyanghareupan hajat kawinan, atawa
dina acara seserahan ngahiras jalma anu maher nyarita dina masrahkeun atawa narima calon panganten. Tapi kudu jadi tetekon anu kudu dibageakeun ku sakumna masarakat. Ku ayana eta Perda, mere kalaluasaan ka sakur masarakat enggoning (ceuk istilah Pa Wahyu Wibisana mah ‘ngabelejagkeun’) lain ukur basana, tapi oge budaya Sunda umumna. Hartina komunitas jeung organisasi kasundaan nu dikokolakeun sacara pribadi atawa formal bakal leuwih jongjon jeung teu perlu galideur dina ngahirup-huripkeun budaya sarakan. Anu perlu diperhatikeun nya eta maluruh jeung ngahiap anggota masarakat sejenna saperti gegeden, pangusa ha atawa pajabat anu nyepeng kalungguhan stategis di pamarentahan diajak pikeun paheuyeuk-
heuyeuk, sabab nepi ka kiwari masarakat jeung komunitas anu haat kana kasundaan teu saimbang nambahna jeung ngaronjatna jumlah penduduk di Jawa Barat. Malah bias disebutkeun angger, ngan eta-eta keneh. Dina ayana oge ngan ukur meredih menta bantuan keur kapentingan politik pribadina. Anu henteu karasa ku masarakat balarea.
Tarekah pribadi anggota masarakat Sunda anu ajeg haat kana kiprahna dina kasundaan nepi ka wanci kiwari oge jalmana masih eta-eta keneh. Contona wae nu
dipilampah ku Uu Rukmana, anu gede perhatianana ka para pangarang katut seniman
Sunda. Lain ukur nyumbangkeun pikiran, tapi wani jeung brona waragad. Ajip Rosidi, di sagedengeun ngaleler hadiah Rancage ka para pangarang, komunitas kasundaan, lembaga atikan, oge ngaliwatan tulisan-tulisanana ngauar-uar sangkan
masarakat ngagunakeun basa Sunda ti mimiti lingkungan kulawarga,. Eta oge conto
tarekah, sanajan can nembrak kaangseu ku sakumna masarakat tata r Sunda. Adang S.
anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kaasup kana tarekah ngirut
karep nonoman gagunakeun basa Sundana.
Pasanggiri Da’wah dina basa Sunda pikeun para nonoman katut para santri anu dijejeran ku PUSDAI Propinsi Jabar, Pasanggiri Biantara pikeun para nonoman jeung
Karang Taruna, sarta maluruh Mojang Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Propinsi oge seuhseuhanana mah enggoning ngaronjatkeun katineung nonoman Sunda kana basa katut budayana. Sabab pasehat ngagu nakeun basa Sunda
mangrupa sarat utama pikeun mojang jeung jajaka pinilih, di sagedengeun parigel
basa asing, lega wawasanana, tur kamapuh intelektualna.
Ngaleler Hadiah Basa jeung Sastra pikeun para pangarang anu dilaksanakeun ku LBSS jeung Paguyuban Pa sundan, Pasanggiri Ngajen Buku Carpon Mini anu dilaksanakeun ku Lembaga Kabudayaan Mekar Parahyangan (LKMP) nu gawe bareng jeung Kiblat Buku Utama katut PPSS. Debat Basa Sunda anu dilaksanakeun
ku LSS ITB unggal dua taun sakali, Pasanggiri Maca Carpon, Sajak, Nembang Pupuh
jeung Cerdas Cermat Basa Sunda (CCBS) anu dilaksanakeun ku HIMA Basa Sunda
UPI, Pasanggiri Tembang Cianjuran anu dilaksanakeun ku DAMAS, Sawala Sastra
anu dilaksanakeun ku PPSS, Pagelaran Sastra anu dilaksanakeun ku Teater Sunda Kiwari, Teater Tradisi, jeung rea-rea deui, jero-jeroanana ngabogaan udagan sangkan
digunakeunana basa Sunda ku masarakatna.
Mincukanbudaya Sunda ku rupa-rupa kagiatan saperti kitu, enas-enasna mah mangrupa tarékah sangkan budaya Sunda ngalemah di sarakanana sorangan, teu ukur
dina implengan jeung harepan. Sugan jeung sugan dibungkus ku seremonial jeung
diiming-iming hadiah mah naon anu dipharep bisa kahontal, sanajan merlukeun waktu jeung dana anu teu saeutik.
Gening ari ditataan mah masih keneh aya masarakat anu peduli (lain paduli) kana hirup huripna budaya Sunda sangkan teu katélér-télér. Nya buktina saperti conto anu
ditataan di luhur. Dilaksanakeunana eta rupa-rupa kagiatan téh pikeun ngecas deui
sikep jeung raga katineung masarakat Sunda kiwari kana budayana. Sugan ku kitu,bakal ngarojong jeung ngadogong kana kadariaan barudak dina diajar basa jeung
sastra Sunda sacara formal di sakola kalawan hasilna nyugemakeun.

BAB III
PANUTUP

A. Kacindeukan
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda. Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:
* Séwaka Darma
* Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.

0 Responses to “Contoh Makalah Tarekah Miara Budaya Sunda”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs