Selasa, 03 September 2013

Artikel Basa Sunda Seni Tari

RONGGÉNG GUNUNG
Ronggéng Gunung nyaéta kasenian has Ciamis anu biasa digelar di buruan imah nalika aya anu hajat kawinan, sunatan, atawa samalah di huma, kebon, upamana nalika dibutuhkeun pikeun upacara ngawuluku atawa melak paré. Durasi pamentasan Ronggéng Gunung biasana kaitung lila, kalan-kalan kakara réngsé nalika waktu maju ka subuh.
Jalma anu kagabung dina kelompok kasenian Ronggéng Gunung biasana antara genep tepi ka 10 urang, sanajan kitu osok ogé silitukeun atawa siliinjeum pamaén ti kelompok nu lian. Biasana siliinjeum pamaén téh pikeun meunangkeun sindén lulugu, nyaéta awéwé anu umurna geus kolot, tapi hadé dina ngawihna. Manéhna boga pancén midangkeun lagu-lagu nu geus ditangtukeun anu teu bisa dipidangkeun ku sindén séjén biasa. Waditra anu digunakeun pikeun mirig tari Ronggéng Gunung nyaéta ktuk tilu siki, goong, jeung gendang.
Pikeun jadi ronggéng dina jaman baheula henteu gampang kawas ayeuna. Rupaning sarat kudu dicumponan di antarana pangawakan kudu hadé, puasa 40 poé anu bukana téh ukur ngadahar cau raja dua siki. Latihan napas pikeun ngahadéan sora, raga, jeung rohani, tur diaping ku ahlina. Lian ti éta, umumna ronggéng kudu taat kana aturan teu meunang waka kawin, ku sabab kitu ronggéng téh kudu lanjang atawa randa.
Kamekaran Ronggéng Gunung dina période 1904 tepi ka 1945 loba ngésér ajén-ajénna. Upamana, cara ngahormat anu asalna mah neueulkeun leungeun kana dada diganti ku sasalaman. Tungtungna cara sasalaman ieu loba disalahgunakeun, lalaki anu ngigelan ronggéng lain wungkul sasalaman tapi ogé tepi ka nyium, ngaragap babagian awak séjénna, samalah kalan-kalan ronggéng dibawa ka tempat suni. Ku sabab teu saluyu jeung adat-istiadat, dina taun 1948 kasenian Ronggéng Gunung dilarang minton hareupeun umum. Kakara dina taun 1950 kasenian Ronggéng Gunung dihirupkeun deui kalawan aya parobahan, boh dina ibingna, boh dina organisasina, nepi ka kamungkinan timbulna hal-hal négatif bisa dicegah. Pikeun nyegah pandangan négatif ngeunaan Ronggéng Gunung ieu, dilarapkeun aturan-aturan anu ngalarang ayana kontak fisik langsung antara ronggéng jeung nu ngigelanana. Sawatara adegan anu bisa ngajurus kana laku négatif saperti nyium atawa ngaragap ronggéng dilarang sama sakali. Aturan ieu téh diayakeun sangkan teu aya anggapan masarakat yén ronggéng idéntik jeung awéwé purah ngagoda lalaki.



SISINGAAN
Sisingaan mangrupa atraksi kasenian tradisional urang sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari,maké iringan tarompét jeung kendang. Sisingaan mangrupa pintonan anu atraktif jeung ngahibur panongtonna. Seni has budaya Sunda ieu ayana di Kabupaten Subang provinsi Jawa Barat[1]. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi ka kiwari. Sisingaan biasana ditanggap dina acara husus, kayaning penyambutan tamu agung, dina raraga poé kamerdikaan, acara syukuran jeung hajatan warga, jeung dina acara nyunatan. Dina atraksi sisingaan abrug atawa singa buhun, hiasan singa dijieun tina rangkéyan daun pinus anu ditambahan keretas, motifna payung jeung hiasan, tapi dina sisingaan modéren atawa pergosi maké bonéka singa anu nyeplés jeung aslina. Nalika tampil euweuh bébédaan anu atra antara sisingaan modern jeung sisingaan tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa, mintonkeun gerakan anu méh sarua. Pintonan sisingaan dibarengan ku sora tarompét jeung kendang jiga musik pencak silat. Sapasang budak leutik anu maké baju adat sunda ditaékkeun kana sapasang sisingaan anu diangkat ku opat penari (hiji singa digotong ku opatan).Gerakan-gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselan ku jaipongan, tarian has Jawa Barat. Baheula pamaén sisingaan téh dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka singa dibarengan ku saurang pamingpin kelompok, sababaraha urang pamaén waditra jeung dua urang nu maénkeun jajangkungan. Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur seni anu utama nyaéta gerak tari atawa pencak silat jeung jaipongan, seni sora gamelan kendang jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna. Para pamaén sisingaan mintonkeun akrobat jeung tarian anu atraktif, rupa-rupa gerakan ieu nyieun warga anu ningali pintonan ngarsa kahibur[. Di tengah zaman modérnisasi jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daérah Subang, Jawa Barat. Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi perjoangan pembebasan Nasional pikeun ngéléhkeun kakuatan impérialis sarta kompradorna di jero nagri.






KUDA RENGGONG
Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo, takwa jeung maké lawon sarta selop.
Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta saiah saurang pamaén Kuda Renggong, anu metak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.
Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gede atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan kasebut leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda Renggongnya meta kawas nu ngibing, alatan geus kalatih sarta biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana sawirahma jeung sora anu dimaenkeun. Lamun wirahmana laun, Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan laun ogé, kitu ogé lamun wirahmana gancang Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan gancang ogé
Gerakanana sajaba gerakan suku kuda anu ejrag-ejragan, hulu Kuda Renggong ogé milu ungut-unggutan. Di hareupeun atawa di sisieun Kuda Renggong aya sawatara urang nu ngibing, boh ti rombongan Kuda Renggongna sorangan boh ti para panongton atawa baraya anu boga hajatan. Maranéhanana galumbira milu joged atawa ngibing sabisa-bisa, sarta hal ieu pisan anu nambahan ramena pintonan Kuda Renggong.

0 Responses to “Artikel Basa Sunda Seni Tari”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs