Senin, 29 April 2013

Makalah Bahasa Sunda Dongeng Jeung Carpon

 Makalah Bahasa Sunda Dongeng Jeung Carpon

Kecap Pangateur
Puji sinareng syukur hayu urang dugikeun ka gusti Alloh swt. Sabab ku Rahmatna makalah ieu tiasa di rengsekeun, namung masih keneh aya kakirangan.
Makalah ieu disarungsum kanggo ngalengkepan tugas Basa Sunda anu kirang keneh nilaina. Simkuring sadar yen makalah ieu aya keneh kakirangan dina eusina, panyeratanna, boh cara panyajiannana.
Mudah-mudahan makalah ieu tiasa manfaat. Haturnuhaun.

Panyaji

Trian Kurniawan





i
Daftar Eusi
Kecap Panganteur ........................................................................................................... i
Daftar Eusi ....................................................................................................................... ii
Dongeng
a.    Asal muasal cika-cika ............................................................................................ 1
b.    Hayam kongkorongok subuh ................................................................................. 3
c.    Kuya ngagandong imahna ..................................................................................... 4
d.    Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau ..................................................................... 5
e.    Gagak jadi Hideung ............................................................................................... 6
f.    Si Kabayan Ngala Tutut ......................................................................................... 7
Carpon
a.    Tukang Kembang .................................................................................................. 9
b.    Kereteg Hate ......................................................................................................... 12
c.    Balada Tukang Nyuling .......................................................................................... 15




ii
Dongeng
Asal Muasal Cika-Cika
Jaman baheula – baheula ge baheula deui – aya hiji lembur anu gegek  jiwana. Pengeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngarana Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheuna, lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di langit.
Di jero hatena manehna ngecewis, “mana teuing senangna mun aing boga bentang pikeun cucuk gelung” karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora tan katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran teu meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ie bentang baris leungit teu puguh-puguh”
Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong sombong.
Isukna, Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehna katenjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana.

1
Ku lantaran kitu, manehna mikir, “kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan anu panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang, “karek oge mikir kitu, cucuk geulung bentang teh ujug-ujug leungit”
“Ih Marini geuning leungit cucuk geulung maneh teh” ceuk salahsaurang baturna. Marini kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna hanjakaleunana.
Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea, nepi ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
“Ieu marini, cucuk geulung maneh teh kapanggih” ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal usulna eta cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna kuring embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan”
Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!
Tema : ulah sombong
Judul : asa muasal cika-cika
Bahasa : kasar
Watek palaku
Nyi Marini : rajin jeung suhud
Indungna : asihan
Amanat : jadi ulah ngabogaan sifat sombong sanajan sombongna saeutik.



2
Hayam Kongkorongok Subuh
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Tema : ulah gampang percaya, ulah sombong, ulah nipu.
Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
Bahasana : Kasar
Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
 Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo
Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.



3
Kuya Ngagandong Imahna
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
Tema : Silih bantuan
Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asaan, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
 Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.



4
Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Tema : Perang Duduluran
Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Bahasana : Lemes
Aur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

5
Gagak Jadi Hideung
Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibeulitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu balong tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagak teh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur meuleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
Tema : kudu getol digawe
 Judulna : Gagak Jadi Hideung
 Bahasana : Kasar
 Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
 Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
 Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
 Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.





6
Si Kabayan Ngala Tutut
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh éuy da déét.”
7
Tema : bodo alewoh
Judul : si kabayan ngala tutut
Bahasana : kasar
Watek Palaku
Nini kabayan :cerewed, teu sabaran.
Kabayan : males
Hikmah : smemeh ngalakuken hiji pagawean kudu diajaran heula, sabab lamun teu diajaran urang moal nyaho kana kaayaan pagawean anu rek dipigawe.













8
Carpon
Ku  : Siti Fauziah Harun
Tukang Kembang
Utamana Inggit nu ngarasa leungiteun téh, kawantu pangdipikanyaahna. Geus dianggap incuna sorangan. Kabeneran ampir Saumur jeung rék sarimbag jeung incuna sorangan. Unggal di Aki mulang ke lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oleh-oleh husus keur Inggit.
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, apana inggit. Bu Gumbira, indungna. Nya kitu deui adi jeung lanceukna, Ikbal katut Jatnika, sarua ngarasa leungiteun. Ngan ku sabab raketna pisan jeung Inggit, manéhnamah leuwih-leuwih asa leungitanana téh.
 “Naha Si Aki téh teu aya baé?” ceuk Inggit ka mamahna, siga rék sahinghingeun ceurik.
 “Nya éta mah. Mamah ogé meni asa beuheung sosonggeteun, sono hoyong pendak sareng Si Aki,” walerna.
“Boa teu damang?” ceuk Jatnika.
“ “Panginten….,” saut Bu Gumbira deui.
 “Euleuh, kumaha atuh Mah?” Inggit beuki ngarasa hariwang.
“Kumaha upami urang longok, sakantenan amengan ka Situ Panjalu?” Si Bungsu Ikbal usul.
 “Leres Pa,” Inggit jol satuju.
Nu dimaksud Si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki Tukang Kembang, siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun, asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé.

9
Ampir saban poé, rék dibeulian rék henteu, kudu baé ngahajakeun eureun. Basana téh hayang panggih jeung incu. Nya kitu deui Bu Gumbira, rék ngagaleuh rék henteu, kedah baé miwarang lirén. Puguh deui Inggit mah, sirikna teu ngahajakeun megat di buruan.
 Biasana samulangna Si Aki ngrilingkeun dagangan. Da tara ka mana deui jalanna, boh inditna, boh balikna, pasti ngaliwat ka hareupeun imah Inggit.
Urang panjalu Si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajual kembang.
Nya kitu deui Si Aki, unggal mulang ti lemburna, tara léngoh. Tampolanana ari keur usum panén mah, sok ngirim béas sagala. Tangtu baé lian ti oléh-oleh husus, keur incu kadeudeuh, Inggit téa. Biasana bungbuahan, manggu, sawo, pisitan, atawa kadongdong. Kumaha usum-usuman baé.
Tapi geus dua bulan leuwih, ti saprak Si Aki bébéja rek ngalongok lemburna, tacan balik-balik deui. Tungtungna Pa Gumbira nyatujuan kana usul Si Bungsu Ikbal. Upama sabaulan deui Si Aki tetep ngampeleng, sakalian jalan-jalan, rék ngahajakeun dilongok. Kabeneran Si Aki mindeng nyaritakeun ngaran lemburna. Teu pati jauh ti kota kecamatan cenah.
“Enya upami sasih payun Si aki angger ngampleng, sakalian jalan-jalan, urang longok. Urang uah-uih baé. Ti dieu Ahad enjing-enjing, pasosonten mulih” sauh Pa Gumbira ka barudak.
 “Sakantenan nyobian mobil anyar deuih,” ceuk Jatnika.
Naha atuh ari pitilupoéun deui kana jung, kira-kira jam hiji beurang , ujug-ujug reg aya mobil alus pisan, lirén payuneun Pa Gumbira.
 Harita di imah téh kakara aya Inggit jeung Ikbal, lian ti Bu Gumbira téh. Henteu kungsi lila kurunyung Jatnika.
 Rada jauh sakolana Jatnika mah.
Sedengkeun Pa Gumbira, teu acan mulih ti kantorna. Biasana tabuh stengah lima, nembé dugi ka bumina.
10
Sangkaan saréréa, paling-paling bade naroskeun alamat. Pédah kabeneran keur araya di tepas. Da teu terang téa, saha jeung urang mana éta jalmi téh. Ngan pasti lain jelema sagawayah. Tina dangdanan jeung mobilna ogé katara jalma aya.Ari pék si tatamu téh, ngahaja niat nepangan Pa Gumbira sakulawarga. Waktos diuningakeun Pa Gumbira masih kénéh aya di kantor, walerna téh, “Sawios bade diantosan baé,” cenah.
Atuh Bu Gumbita téh kacida bingungna. Margi kana waktosna Pa Gumbira mulih téh masih kénéh lami. Beui bingung lantara si tamu ngaléos, ninggalkeun pribumi. Tuluy rurusuhan muru mobil sarta mukakeun panto Beulah tukang.
Asalna saréréa bingung campur atoh, barang ti jero mobil kaluar Si Aki. Bajuna henteu saperti keur dagang kembang. Ayeunamah beresih jeung alus. Nya kitu deuih kulitna. Henteu hideung saperti saméméhna.
 “Aki…..!” cenah” Inggit lumpat muru Si Aki. Gabrug duanana silih rangkul.
Geus karuhan kitu mah, Pa Gumbira teras diwartosan aya Si Aki.
Saha saleresna si tatamu téh? Singhoréng  putra Si Aki pangageungna. Anu majar salah saurang putra Si Aki pangageungna. Anu majar salahsaurang putrana, ampir sarimbag jeung Inggit. Ari pangna ngahaja nepangan, lian ti ngawartosan Si Aki téh moal dagang  kembang deui. Margi diwagel ku putra-putrana.
Teu sangka nya, Si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana nu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.
Tema : berehan
Watek palaku
Aki: nyaahan, berehan
Inggit: bageur, nyaahan
Bu Gumbira: bageur
Pa Gumbira: bageur
Amanat : urang kudu jadi jalma anu berehan.


11
Ku : Yaya Mulya Mantri
Balada Tukang Nyuling
Poe nu sakitu panasna teu ngorotan sumanget manehna. Katingali ti tukang manehna terus ngudag-ngudag bus kota bari nyekel suling di lengen katuhuna. Manehna teu sadar tukangeun manehna motor saliweuran tereh ngadupak manehna. Eta bus terus diudag sanajan manehna geus ngarasa cape.
“Kiri-kiri” rombongan barudak SMA turun di Jl. Soekarno-Hatta 596, eta bus kota lumayan lila eurenna lantaran loba pisan anu turunna. Akhirna manehna bisa numpak oge eta bus kota. Sanajan awakna cape manehna teu paduli, manehna luak-lieuk bari ngumpulkeun tanaga jeung ngatur napasna anu gancang.
“Euh maneh deui…..”
“Aya saha kitu, Din? Si Ariel deui nya?” ceuk supir bus kota.
“Heueuh….Sep, si Ariel datang deui,” ceuk kondektur bus kota.
“Riel, iraha rek rekaman deui? He..he, lamun rek nyanyi tong bari ngemut permen bisi kaseglong,”  ceuk si Udin kondektur bus.
Si Ariel masih ngarasa cape, manehna ngan saukur bisa seuri ka supir jeung kondektur bus. Teuing kunaon manehna disebut Ariel padahal teu mirip-mirip acan jeung si Ariel vokalis Peterpan. Saacan ngamen manehna ngahuleung, teuing naon nu aya dina pikiran si Ariel.
Awakna nu subur jeung bajuna nu alus ngabedakeun si Ariel jeung tukang ngamen nu sejen. Ngan pedah bajuna nu alus geus kummel jigana mah geus teu diganti tilu minggu.
“Accala mu a’lai um” (assalamua’laikum).
“Riel… maneh mah ngomong ge teu bentes komo deui nyanyi,” kondektur nyarita di lawang panto bus.
Si Ariel ngan saukur nyerengeh nembongkeun huntu taringna.
Lain sakali dua kali manehna dikitukeun ku kondektur bus kota, geus kaitung lima kali manehna dikitukeun ku si Udin.
12
 Sanajan kitu manehna teu kapok ngamen di bus kota, ngan tetep aya rasa kesel ku omongan si Udin nu teu merenah didenge. Beda jeung si Udin, Asep si supir bus kota tara loba omong.
Manehna mulai maenkeun sulingna, sora suling nu merdu nganterkeun bus kota nambahan panumpang. Sapanjang jalan bus kota nambahan panumpangna.
“Kalapa….kalapa. Punten digeser…punten, palih dieu Neng…punten digeser ” kondektur ngatur posisi.
 “Nyang cing nya’ji nyalma e’de nying nya’di nyalma ngade…..” (jang sing jadi jalma gede sing jadi jalma hade….) si Ariel mimiti nyanyi.
Hanjakal pisan sora suling anu merdu teu dibarengan ku sora nu alus. Sanajan kitu manehna teu euren nembangkeun lagu “jang” nu dilantunkeun ku Oon. B. Lila kalilaan bus kota nambah pinuh, sora suling nu ditiup ku si Ariel beki tilelep komo deui sorana nu teu bentes.
Lagu “jang” geus beres dilantunkeun,lantaran panumpang geus pasedek-sedek manehna teu nyanyi deui. Si Ariel ngodok sakuna, dikaluarkeun dina sakuna cangkang permen jang ngawadahan duit pamere panumpang. Pinuhna panumpang matak hese si Ariel ngalengkah sanajan kitu manehna teu patah sumanget. Si Ariel seseledek bari ngasong-ngasongkeun cangkang permen. Aya nu mere saratus, lima ratus, nepi ka sarebu.
“Hanyur mu’un” (hatur nuhun) ceuk si Ariel ka panumpang nu mere.
“Cecep??” tunjuk salah sahiji panumpang.
“Cep, hayu uih… hampura Ema jang.”
“Anyim, Ema cos u’sir Cecep” (alim, Ema tos ngusir Cecep).
“Hampura…hampura Ema, hayu uih jeung Ema.”
“Anyim, Ema so’ nga’inga Cecep, Cecep e’uri ha’e ku Ema. Cecep anyim u’ih….” (alim, Ema sok ngahina Cecep, Cecep nyeri hate ku Ema. Cecep alim uih…), ceuk si Cecep bari lumpat.
“Cecep…Cecep, tungguan Ema. Cucu Ema hayu urang uih, hampura Ema nya Cu…”

13
Ema lumpat nuturkeun si Cecep bari ceurik. Umurna nu sakitar geus 80-an euweh daya jang ngudagna. Ema ceurik balilihan, teu kawasa Ema nahan kasedih.
“Ema rumasa salah Cep, tilu minggu katukang Ema ngusir Cecep. Hampura Ema…” gogoakan Ema ceurik di jero bus.
Si Cecep teu malire, Cecep ngajleng turun tina bus kota. Cecep leuwih milih hirup di jalan daripada hirup jeung nini na.

Tema : kakuatan
Watek palaku
Ariel(cecep) : teu gampang putus as, babari nyeri hate
Supir bus : teu rea omong
Kondektur beus : rea omong
Ninina cecep : sok ngahina
Amanat : ulah waka ngahina ka batur, bawa teuing baturmah leuwih hade ti urang.















14

Ku : Ai Nyimas Fitriah
Hate Anu Kabebenjokeun


            “Beletak,,,” sora panghapus nu di alungkeun kana meja harepeun Adi.
Adi langsung ngorejat hudang tina sarena, anjeunna beuki reuwas pas ningali Pa Dadang nu kasohor ku kagalakanana.
“Ari sorangan lamun keur diajar teh bet sare wae geuning?” Tanya Pa Dadang.      
“Hanteu Pa…” Jawab Adi bari ngagesek-gesek matana.
“Untung wae ieu panghapus ninggangna kana meja, lamun ninggangna kana hulu maneh meren maneh geus benjol huluna” Barudak sakelas seuseurian ningali Adi diomongan  kitu ku Pa Dadang.
“Geura maneh cengkat sibeungeut jug ka cai!”
Adi cengkat tina korsina, anjeunna kaluar kelas bari leumpangna goloang-goleong siga nu mabok kusabab manehna masih tunduh keneh.
Saenggeus pelajaran Pa Dadang, Adi ngagoroan Euis menta anjeunna nyamperkeun manehna.
“Neng, mana atuh tugas Matematika tea tapi erek di pangerjakeun?” Tanya Adi ka Euis
“Oh…hilap teu dicandak.” Jawab Euis.
“Ih, Neng mah lain candak atuh!” Adi ningali HP na bari leumpang ninggalkeun Euis.
Sabenerna mah tugas Matematika anu Adi teh aya dina kantong Euis. Euis ngabelaan ngerjakeun eta tugas nepikeun ka jam satu peuting. Ngan hanteu dibikeun ka Adi kusabab ningali parubahan tingkah lakuna Adi anu ayeuna mah jadi sok telat datang ka sakola nepikeun ka anjeunna pernah sababaraha kali ditahan digerbang. Anjeunna sering sare di waktu lumangsungna palajaran. Geus tilu minggu anjeunna ngalakukeun kabiasaan eta, basa eta mah anjeunna mangrupakeun salah sahiji siswa anu rajin jeung pinter. Namung ayeuna mah kapinterana teh geus teu dipake deui ku Adi. Setiap aya tugas anjeunna sering menta pangerjakeun ka Euis.
“Cie,, kamari geus jalan-jalan kamana jeung si engkang?” Tanya Fitri
“Ih, saha atuh anu jalan-jalan? Is mah kamari mah aya wae di bumi”
“Ah, teu kenging ngabohonglah Is, abi ge ningal Is nuju naek motor dibonceng ku Adi, sok ngaku waelah!” ceuk Agni
“Hanteu Is mah hanteu ngabohong, Is kamari mah aya wae di bumi”

15
“Terus saha atuh nu kamari dibonceng ku Adi?” Tanya Fitri deui
“Duka atuh, Is mah teu terang, rakana panginten”.
“Sanes Is, sanes rakana. Da kamari teh pas Adi ngalewat rakana Adi aya di bumi Agni. Jadi moal mungkinlah nu dibonceng ku Adi rakana Adi mah.”
“Boa-boa selingkuhanna Adi.”
“Fit, ulah waka suudzon atuh.” Agni ngingetkeun Fitri
“Uhun panginten selingkuhanna Adi.” Ceuk Euis bari ngaleos ninggalkeun babaturanna.
Peutingna saenggeus sholat Isya, Euis nebrahkeun awakna kanu kasur, pamikranna kumalayang ka waktu anu geus lewat. Euis nginget-nginget mangsa anjeunna keur mimiti asup SMA. Anjeunna sok diparoyokan ku babaturanna kabogohna Adi padahal sabenerna mah hanteu jadian. Kusabab seringna dipoyokan ahirna tinu poyokan eta jadi bogoh beneran.
Euis inget keneh harita basa layung ngahibar di jomantara, basa cai ngagalura di samudra, saperti aya panah ti Adi nu nanceub nyeuceb kana kantong hate Euis, ngetok-ngetok panto hate Euis,
ngagedor-gedor ku gembok jajantungna Adi. Rasa eta beuki lila beuki ngalaksak kana kahirupan jeung pangimpenan Euis. Euis jadi sok era lamun papanggih jeung Adi, kitu deui sabalikna rasa eta dirasakeun oge ku Adi.
Ti saenggeus kitu, harita panonpoe edek ngampih dina dipan papandayan, bulan nu nyaangan di baturan kiceupna bentang jadi saksi mimitina cinta Adi jeung Euis, aranjeunna janji pasini ngarajut tali asih nu duaan.
Ayeuna geus sataun anjeunna ngarajut tali asih jeung Adi. Euis ngenang mangsa eta nepikeun ka anjeunna sare.
Isukna Euis saperti biasana indit ka sakola jeung babaturanana. Kitu oge balik sakolana Euis babarengan jeung babaturanana. Harita pas Euis jeung babaturanana balik ngerjakeun tugas di imahna Fitri, aya kajadian anu ngorejatkeun hate Euis.
“Is tingali geura ka belah kaler!” Pokna Agni
“Emang aya naon kitu Ni?” Tanya Euis
“Astagpirululoh aladzim, itu teh si Adi sanes?” Ceuk Fitri
“Uhun, leres eta mah si Adi” Euis ngajawab bari anjeunna leumpang nyamperkeun Adi anu keur babarengan jeung awewe.
“Oh, kusabab kitu kalakuan engkang jadi benten teh?”
Adi langsung ngorejat ningali Euis aya dihareupeunana, pipi Euis barereum, cai matana ngucur tina panon sipitna, anjeunna lumpat ninggalkeun tempat kajadian.

16
Adi oge lumpat nyusul Euis “Neng, antosan heula sakeudap, kupingkeun heula engkang nyaur!” Euis tetep lumpat hanteu midulikeun kabogohna ngomong.

Langit nu mendung, kalimpudan ku mega hidung. Geleger sora gelap, nyear lir anu dicicikeun ti langit. Angin ngahiliwir nyereset kana hate Euis. Keueungna matak nambahan peurihna hate Euis. Hate nu kabebenjokeun ku kalakuan Adi nu miduakeun asihna Euis. Sapeupeuting Euis ceurik, anjeunna inget wae kajadian tadi sore anu geter-geter rasa peurihna nganjang kana puserna kalbu netep nanceb nurih kana sajeroning hate Euis. Cimata nungumbara dina pipina ngalengkepan rasa kuciwana Euis ka jalma nu dipikadeudeuh jeung dipikaasih ku anjuenna.

Isukna di sakola Adi nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis ngaleos kitu wae.
“Naha geuning si Euis bet jadi kitu?” Adi nanya kababaturanna Euis.
“Kitu kumaha atuh Di? Kudu na mah si Euis anu nanya kitu ka sorangan teh.” Fitri ngajawab sinis patanyaanna Adi
Teu loba ngomong Adi langsung ngaleos kitu wae. “Tah kitu, jelema anu rumasa salah mah, dasar jelema tukang sulaya.” Agni milu rujit ningali kalakuan Adi.
Balik sakola Adi hanteu tuluy ka imahna, anjeunna kalahkah eureun di warung anu rada jauh ti sakolana. Di Warung eta anjeunna milu ngumpul jeung babaturan anyarna anu barangor. Saenggeus anjeunna barangdahar dahareun anu diduitan ku babaturanna, anjeunna ngahuleng mikirkan kaayaan anjeunna ayeuna. Anjeunna nu ayeuna jadi hanteu sumanget kana pelajaran, disakola sering sare jeung kabeurangan asup sakola, kitu deui ku masalah anjeunna jeung si Euis.
Anjeuna kaduhung sagede gunung kusabab geus nganyenyeri hatekeun jalma anu dipikasaih ku anjeunna. Saenggeus lila Adi diuk, anjeunna cengkat, namung hese pisan Adi cengkat alatan labuh kasagara tresna, rek ngolengkah ngan bati ngojengkang, anjeunna bangrung rek balik kamana.

Di sakola Adi tetep nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis tetep ngaleos kitu wae. Kabiasaan eta terus ku Euis dilakukeun. Dina hiji poe saenggeus saminggu Euis ngalakukeun kabiasaan eta, Euis nyamperkeun Adi.
“Engkang….”



17
“Neng? Alhamdulilah ahirna neng nyaur deui ka engkang. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang rumasa salah pisan ka neng. Engkang kaduhung pisan tos nganyenyeri hatekeun neng.”
“Harita kieu janjina bumi jeung langit saksina, ceunah asih engkang keur neng sorangan. Tapi bumi langit eta keneh asihna duka kamana jeung kasaha. Mana engkang janji engkang rek satia teh? Engkang tos jalir janji, tega midua asih.”
“Uhun neng engkang rumasa salah pisan ka neng, tapi pireungkeun heula cariosan engkang!”
“Nyarios naon deui atuh engkang?”
“Neng teurang teu kaayaan engkang ayeuna?”
“hanteu” jawab Euis singkat
“Neng, engkang teh keur loba masalah. Neng nyaho hanteu yen indung bapa engkang teh papisah? Geus lewih ti sabulan neng, engkang teu balik-balik ka imah, lamun engkang aya di bumi engkang saperti aya di naraka, indung bapa engkang pasea wae tiap poe. Tah eta nu jadi sabab engkang hanteu sumanget ka sakola teh.”
“Emang aya kitu pakaitna masalah eta jeung masalah engkang midua?”
“Aya neng. Engkang sabenerna mah hanteu midua, engkang sengaja ngalakukeun kitu kusabab engkang percuma rek satia ka neng oge. Da ahirna mah engkang pasti ninggalkeun neng. Neng, enjing engkang bade angkat ka Surabaya sareng bapa. Neng  siga nateh engkang moal tiasa datang kadieu deui. Neng, tos leungitkeun wae engkang mah tina sagala ingetan neng mah. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang mihareup pisan neng tiasa muka panto hate neng kangge ngahapunten kalepatan engkang.”
“Uhun engkang ku neng tos dihapunten sagala kalepatan engkang. Neng oge nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan neng ka engkang.”
“Pasti neng, pasti dihapuntun kalepatan neng mah. Tong hilap tuang nyah neng!”
Adi ngaahiri omongan anjeunna jeung Euis. Anjeunna lumpat satarikna ninggalkeun Euis. Cimata Euis nganterkeun inditna Adi ka Surabaya.

Tema : Perpisahan
Watek palaku
Adi: angor, babarian.
Pa Dadang : galak
Euis: sabar.
Agni : ngiring nyampuran wae kana masalah batur
Fitri :sruana jeung agni
Amanat : ulah waka nyangka ka batur anu henteu-henteu ari can aya buktina.

0 Responses to “Makalah Bahasa Sunda Dongeng Jeung Carpon ”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs