Rabu, 21 November 2012

Ngamumule Budaya Sunda Ngaliwatan Kasenian

 Ngamumule Budaya Sunda Ngaliwatan Kasenian

Salasahiji unsur budaya nu diébréhkeun ku Koentjaraningrat nya éta kasenian. Salian basa, seni ogé ditangtayungan ku hukum, nya éta aya dina UUD 1945  pasal 32 ayat 1. Dikokolakeun ogé ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud), anu ayeuna mah diganti jadi Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata (Kemenbudpar). Ieu kasenian téh mangrupa hiji cara dina ngamekarkeun kabudayaan.
Kuatna modernisasi jeung globalisasi jaman kiwari, ngabalukarkeun leungitna kabudayaan tina peradaban, utamana kabudayaan lokal (local culture) saperti kabudayaan sunda. Henteu mustahil, sabab ieu kabudayaan sunda téh geus teu bisa ngalawan tantangan-tantangan jaman nu leuwih kuat tibatan kamahsyuran budaya sundana sorangan.
Hal ieu téh ku sabab urang sundana kénéh teu apal kana kabudayaan sundana sorangan anu sakitu bengharna, hususna dina widang kasenian téa. Kalahka batur nu mikareueusna mah batan urang sundana sorangan. Meuerunan, urang sunda ngarasa kuuleun kana kasenian-kasenian sunda, sabab ceuk maranéhna mah éta téh teu gaul, nu gaulna mah lamun musik téa mah, jazz, hip-hop, RnB, jsb. Padahal mah mun dimekarkeun mah kasenian sunda téh leuwih mibpga ciri has jeung kaunikan, kuduna mah bisa mendunia téa atawa go internasional.Taun 2010, Kemenbudpar ngainventarisasi kasenian sunda sa-Jabar, kabehna aya 355, tapi 40% kaancam rék tumpur, 10% deui geus tumpur. Kasenian-kasenian éta bisa dipasing-pasing kana sabaaraha golongan, diantarana angklung (30 jenis), beladiri (10 jenis), celempungan (6 jenis), debus (15 jenis), gamelan (16 jenis), haleran (24 jenis), ibing (17 jenis), kacapian (20 jenis), Macakal (18 jenis), mawalan (7 jenis), ngotrek (10 jenis), pantun (6 jenis), sandiwara (27 jenis), terbangan (18 jenis), topeng (8 jenis), sekar (15 jenis), wayang orang (5 jenis), wayang golek (9 jenis), wayang kulit (7 jenis).
Tina sabaraha jenis kasenian di luhur, ngan sababaraha hiji nu dipikawanoh ku masarakat. Éta ogé geus jarang dipintonkeun ku masarakat sunda.
Kepala Kemenbudpar Jabar miharep sangkan kasenian nu rék tumpur dimekarkeun deui, jeung nu geus tumpur dibangkitkeun deui, tapi ngan saukur harepan hungkul, sabab Pak mentrina sorangan teu mikawanoh kabéh kana jenis-jenisna. Kumaha rék dimekarkeun, rojongan ti pamarentahna sorangan kurang ngayakinkeun, malahan mah Kemenbudpar téh nu ngokolalkeun kasenian, istilahna mah hukum kadua sanggeus UUD’45.
Kuduna mah urang sunda téh mikareueues kana kasenian sunda anu geus diwariskeun ku karuhun jaman baheula, sabab éta téh mangrupa bekel dina nalika urang némbongkeun ciri has salaku warga Indonesia, husuna urang sunda. Sabenerna urang geus dibéré celah pikeun ngamekarkeun kabudayaan sunda nu séjénna, sabab urang miboga hiji alat nu geus dipikawanoh ku dunya luar, nya éta angklung. Alat musik tradisional Jawa Barat anu jadi andelkeunenun urang Sunda. Sakatempo mah angklung téh ngan saukur alat nu dijieun tina awi, ngan saukur alat musik instumen biasa, budak jaman ayeuna mah meureun nganggap angklung téh teu modern, padahal mah angklung téh bisa ngamaénkeun rhytme pikeun mintonkeun lagu barat saperti I have a dream ti Westlife jeung Musik Klasik ti Mozart.
Hal éta téh kuduna mah jadi pangrojong pikeun urang sunda dina ngamekarkeun deui kasenian-kasenian sunda. Ku sabab éta téh mangrupa celah pikeun kasenian sunda satuluyna bisa saperti angklung.
Hiji kabudayaan bisa disebut kuat lantaran dina 7 unsur budaya éta téh aya nu ngarojongna saperto objekna nya éta manusa téa. Dina prosés kabudayaan, sakuduna mah urang téh make prosés akulturasi, dimana aya kabudayaan séjén datang, urang bisa ngadumaniskeun, tapi nilai-nilai saméméhna teu leungit. Samodél angklung anu bisa maénkeun rhytme pikeun lagu barat di luhur. Eta geus jadi lolongkrang pikeun leuwih sigep deui dina ngamekarkeun kabudayaan ngaliwatan seni, sangkan teu kasésered ku kamekaran jaman kiwari.

0 Responses to “Ngamumule Budaya Sunda Ngaliwatan Kasenian”

Poskan Komentar

Sponsored by Jobs